30/06/2022
Nomor : 74
KHUTBAH JUMAAH Ka 1, J u l i 2022
ALLAH SWT ANU KAGUNGAN HIDAYAH
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ هَدَانَا لِهَاذَا وَ مَا كُنَّا لِنَهْتَدِيَ لَوْ لَا اَنْ هَدَانَا اللهُ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ . اّللَّهُمَّ صَلِّ وَ سَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَاشِفِ الْغُمَّةِ وَاَلْمَبْعُوْثِ بِالْحَقِّ وَالرَّحْمَةِ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَالتّاَبِعِيْنَ وَ تَابِعِهِمْ مِمَّنِ اتَّبَعَ هُدَاهُ . اَمَّا بَعْدُ : فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَ لَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَ اَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : فَمَنْ يُرِدِ اللَّهُ أَنْ يَهدِيَهُ يَشْرَحْ صَدْرَهُ لِلْإِسْلَامِ ج وَمَنْ يُرِدْ أَنْ يُضِلَّهُ يَجْعَلْ صَدْرَهُ ضَيِّقًا حَرَجًا كَأَنَّمَا يَصَّعَّدُ فِي السَّمَاءِ قلى كَذَالِكَ يَجْعَلُ اللَّهُ الرِّجْسَ عَلَى الَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ – الانعام (125)
PITUDUH ALLAH SWT.
Hadirin Ahli Jum `ah, Rahimakumullah !.
Nalika Kanjeng Nabi Muhammad SASW maoskeun dawuhan Gusti Allah anu nembe diaos, Mantenna teras ngadawuh:
اِذَا دَخَلَ نُوْرُ الْإِسْلَامِ الْقَلْبَ اِنْشَرَحَ وَانْفَسَحَ , فَقِيْلَ هَلْ لِذَالِكَ مِنْ عَلَامَةٍ ؟ قَالَ: نَعَمْ ! اَلتَّجَافِى عَنْ دَارِ الْغُرُوْرِ وَ الْإِنَابَةُ اِلَى دَارِ الْخُلُوْدِ وَالْإِسْتِعْدَادُ لِلْمَوْتِ فَبْلَ نُزُوْلِهِ
" Dimana-mana cahaya islam lebet kana hate, maka eta eta hate jadi jembar sareng lapang dada. Nabi SAW ditaros: ' Naha aya tawisna ?' . Waler Nabi: ' Kantenan aya, nyaeta nebihan panipuan dunya sareng balik ka akherat nagri abadi sarta siap-siap bebekelan pikeun mayunan maot memeh sumping maot". { Tanbihul Ghofilin, kaca 8 }.
Jalmi anu dipaparin hidayah ku Allah, hatena bakal dipasihan kajembaran, lapang dada anu diantara cirina nyaeta nebihan { salamet } tina panipuan kahirupan dunya margi bade mulang nuju ka akherat sahingga salamina tihot-hat beramal pikeun bekel ka akherat samemeh sumping ajal. Hampang birit dina enggoning ibadah sareng midamel rupi-rupi amal soleh, naha ibadah anu langsung atanapi anu teu langsung. Tos lir anu wajib anu sunatna oge dikeureuyeuh. Leresan larangan, bujeng anu haram, anu makruh oge sakiat tanagi dikantunkeun. Langkung ti eta jalmi anu manahna dipasihan hidayah ku Allah, bakal jembar dada, pasrah sumerah, nampi dina mayunan rupi-rupi kajantenan anu tumiba dina kahirupan, teu weleh syukur dina nikmat sareng sobar tawekal dimana-mana nampi karerepet atanapi musibah.
Samulihna, jalmi anu baris disasarkeun ku Allah, jalmi anu teu dipasihan pituduh, bakal dipasihan hate anu rupek, heureut deuleu pondok lengkah, beurat sareng hoream ngalaksanakeun syare`at agama. Bujeng ngalaksanakeun pasunatan, nyingkahan pamakruhan; ngalakasanakeun kawajiban sareng nyingkahan paharaman oge bakal ngaraos beurat, hoream, dugika teu aya kamampuhan ngalakonan tugas-tugas ti Gusti Allah. Pirang-pirang alesan dijadikeun panghalang pikeun ngalakonan ibadah, anu eta elesan teh ari jang pidunyaeun mah teu sing jadi halangan. Jalmi anu disasarkeun manahna ku Allah, ngalaksanakeun ibadah teh saolah-olah dipiwarang naek ka langit, dina pada sesah sareng beuratna tanjakan { QS. Al-An`am, ayat 125 }
Hadirin, Rahimakumullah !
Anu dimaksad ku hidayah nyaeta cahaya {nur} anu aya dina dawuahn Allah:
أَفَمَنْ شَرَحَ اللَّهُ صَدْرَهُ لِلْإِسْلَامِ فَهُوَ عَلَى نُورٍ مِنْ رَبِّهِ قلى فَوَيْلٌ لِلْقَاسِيَةِ قُلُوبُهُمْ مِنْ ذِكْرِ اللَّهِ قلى أُولَئِكَ فِي ضَلَالٍ مُّبِينٍ
" Nya naha anu dijembarkeun dadana ku Allah kana {narima} islam teh manehna lumampah dina cahaya ti Pangeranana { sarua jeung anu teu bogaeun pikiran?}. Nya kacilakaan pikeun anu tareuas hatena tina eling ka Allah. Maranehna teh dina kasasaran anu tetela". { QS. Az-Zumar, ayat 22}.
Jalaran hidayah teh mutlak haq Allah sakersa Anjeuna ka sing saha bae anu bade dikersakeun nampi eta hidayah, teu ningal status sareng tuturus, atuh sing saha bae anu nampi kana eta hidayah, digampilkeun midamel pirang-pirang ibadah sareng amal soleh, digampilkeun nyingkahan pirang-pirang panyegah Allah, maka kedah syukuran, kedah muji ka Gusti Allah, teu kenging diangken ladang katiasa jeung kamampuhan nyalira, bari teu petot-petot disarengan neneda nyuhunkeun ka Mantenna supados eta hidayah teh henteu dicabut dugika maot sahingga aya dina husnul khotimah.
Sabalikna sing saha anu teu dipasihan hidayah ku Allah, sesah sareng beurat dina ngalakonan ibadah sareng amal soleh, kalah resep dina midamel laranganana; teu kenging nganaha-naha ka Allah, teu kedah ngalepatkeun batur, tapi lepatkeu bae dirina nyalira, kunaon bet teu ngagunakeun akal. Kasauran Kanjeng Nabi Muhammad SAW, dina hadits arbain hadits ka 24: .. مَنْ وَجَدَ خَيْرًا فَلْيَحْمَدِ اللهَ وَ مَنْ وَجَدَ غَيْرَ ذَالِكَ فَلَا يَلُوْمَنَّ اِلَّا نَفْسَهُ
" Sing saha anu mendakan kasaean {tiasa amal soleh}, maka kedah muji ka Alloh, sareng sing saha anu mendakan salian ti eta, maka ulah ngala`nat iwal ti ngala`nat ka dirina sorangan". { HR. Muslim - Iqodul Himam, kaca 249}.
Mugi-mugi urang sadaya salamina kenging hidayah Gusti Allah dugika waktosna sumping ajal, aya dina husnul khatimah disarengan kanyaah sareng pangampura Allah SWT. !.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
KHUTBAH KA II
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ هَدَانَا لِهَذَا وَ مَا كُنَّا لِنَهْتَدِيَ لَوْ لَا اَنْ هَدَانَا اللهُ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَ رَسُوْلُهُ الَّذِى لاَ نَبِيَّ بَعْدَهُ . اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَ سَلِّمْ عَلَى سَيّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَالتَّابِعِيْنَ وَ تَابِعِ التَّابِعِيْنَ اِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ . اَمَّا بَعْدُ فَيَا اَ يُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوْا اللهَ فِيْمَا اَمَرَ وَ ا نْتَهُوْا عَمَّا نَهَى عَنْهُ وَ زَجَرَ . اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَ اْلأَمْوَاتِ . اَللَّهُمَّ اَرِنَا الْحَقَّ حَقًّا وَ ارْزُقْنَا اتِّبَاعَهُ وَ اَرِنَا الْبَاطِلَ بَاطِلًا وَ ارْزُقْنَا اجْتِنَابَهُ رَبَّنَا لَا تُزِغْ قُلُوبَنَا بَعْدَ إِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِنْ لَدُنْكَ رَحْمَةً إِنَّكَ أَنْتَ الْوَهَّابُ رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّ فِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَّ قِنَا عَذَابَ النَارِ وَ اَدْخِلْنَا الْجَنَّةَ مَعَ الْأَبْرَارِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَ الْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ .