Sunda Wiwaha

Sunda Wiwaha Ngaraketkeun Duduluran

04/10/2018

Silih elingan
*Ngawincik diri ngotektak bagbagan awak, pengajaran ngawula kakuring,ngudag kanyataan sorangan*
Sugan aya mangfaatna kaduluran kapanutan hapuntena sanes pisan rek ngahaja miwurukan, mapatahan agung panuhun jeung maklum bilih aya kaleupatan mugi ageung hampurana datuna taya kabisa,ditampi kukabingahan dilereuskeun kaleupatan,sangkan jadi kabeneran,ngarah jadi saamparan.
Manggihan jirim jeung j***m.
Dikawihkeun tibihari tapi buni, dicarita tibaheula teu katara, kunu surti teu kabukti, kunu bisa teu dibuka, natrat jalan diteangan, ngunteupkeun dikalayeutan,
NGOTEKTAK AWAK SORANGAN.
Pek ditiung ku panemu, didamping ku pangarti,dikongkoyang pangabisa,Panemu masing katimu, Pangarti masing kasurti,Pangabisa sing karasa.
Lamun henteu tumarima yen didunya teh ngumbara,naha bakal salilana gumeutah didunya teh?
Lamun rumasa yen didunya teh ngumbara na timana asal???
Asal ti Allah kudu balik deui ka Allah deui.naha geus uninga kana pibalikeun?
Diri sasampiran,nyawa sanes gagaduhan,mangka pati kena j***m,badan anu kateumpuhan
Hirup darma wawayangan satungtung di tangtayungan.
Jirim-Jisim pasihan nu Maha Suci,Raga nyawa pasihan tinu Kawasa.
Kumargi eta:
Mengpeung ngora pek teangan, mengpeung jag jag pek kotektak,teu guna ingeut lamun geus nangkarak baeud.
Samangsa-mangsa diteangan tangtu kapendak, dipilari tangtu kapanggih, lain kapanggih jirimna,lain kapendak barangna, DA ELMU MAH TEU NGAJENTUL TEU NENGGRAK KAWAS BARANG.... wassalam.

24/09/2018

SATRIA NGAJUAL BANGSA.

Di mana Jaman geus robah, robah ku polahna jelema,
Di mana Raja geus kurang kasabaranana, aturan geus teu puguh waktuna, tanah geus kurang barokahna,
nu ngélmu geus teu metu, awéwé geus teu boga kaéra, lalaki jeung awéwé geus sarupa, jeung loba anu ngumpul ngumpul harta.

Kiayi Mualim sok aradu-aduan, jeung réa-réana deui.
Pék geura tungtik, tungtikna sing sidik, mangké hadé macana,
macana ulah ku mata tapi kudu ku rasa, sabab bisi salah tincakna, matak mawa di ahir jaga, baca ku rasa tungtik ku ati anu beresih.

Sabab kanu beresih haténa, kanu hadé laku lampahna, tara sirik, tara hianat ka sasama,
anu bakal bisa nganyahokeun kana Tangaranna,
Siloka lakuning hirup nu harayang nyaraho kana kanyataan jaman.

Kuring teu wasa panjang nyaritakeun siloka, sabab kaburu ku wayah,
Jig geura marindak, prak geura parigawé, ngan poma sing lantip nya mikir, cing awas robahna jaman nu bakal datang, gunakeun pikir nu walagri.

Aringetkeun.... imeutan ku andika!
Di mana Satria geus ngajual Bangsana, wong alim béla kafirin, wong cilik pada buncelik, wong édan pada kabagéan;
Tah éta moal lila deui ajab ti nu Agung.

07/09/2018

Assalamu'alaikum, wr, wb. Sampurasun.

Al-Hadid. No. Surat : 57. Ayat : 29. Status : Madaniyah. Beusi. Fe.

"Saestuna Kami geus ngutus Rasul2 Kami kalawan mawa katerangan sarta Kami nurunkeun kitab jeung bobot pangayon bareng jeung maranehna, supaya manusa lumampah dina kaadilan, jeung Kami nurunkeun BEUSI ANU DINA ETA BEUSI TEH KAKANDUNG KAKUATAN ANU GEDE JEUNG RUPA2 KAMANGPA'ATAN PIKEUN MANUSA.... saestuna Allah teh MAHA KUAT, MAHA GAGAH.

Besi lambangna (Fe). Dina sistem periodik lebet kana periode ka-4, golongan logam transisi. Nomor atomna : 26, berat atomna : 55,85. Diantawis Mn sareng Co.

Awak urang lewat sayuran jeung buah2an butuh besi (Fe) 2+ anu ngiket sareng senyawa kompleks protein (globin). Beusi ieu kanggo ngabentuk geutih beureum anu tugasna mawa oksigen ka sadayana sel.

Dina PP No. 27 taun 1980, beusi kaasup bahan galian B, babarengan sareng : mangan, molybdenum, khrom, wolfram, vanadium, titanium, jrrd.

Di alam mangrupa biji beusi hematit (Fe2 O3), magnetit (Fe3 O4), sareng siderit (FeCO3). Ngolahna dicampuran ku kokas, batu kapur sareng pasir anu dilebetkeun kana tanur, tuluy dipanaskeun. Hasilna beusi cair anu tiasa dicetak janten balok beusi.

Beusi kasar tiasa diolah janten waja, hasil campuran beusi kasar cair dicampur fosfor sareng silikon. Beton, jambatan, kareta api.

Ibroh lain na : sok karatan (korosit) ku udara. Tah kade hate, manah, qalbu urang oge karatan ku hawa nafsu.

07/08/2018

Ngeunteung hirup kana kahirupan cai. Aya tilu hal nu kudu jadi eunteung tina kahirupan cai.
Nu kahiji, cai mah salilana bakal ngocor ti girang ka hilir. Ngandung harti urang kudu depe-depe handap asor. Tawadu ceuk basa agama mah. Cai oge salawasna bakal mere guna jeung manfaat ka saban wewengkon nu kacicingan atawa kaliwatan. Tegesna, mere sumber kahirupan, sabab langkana bakal dipiluruh, ayana bakal mawa katenangan. Ngan awas masing waspada mun seug cai murka, gunung nu jadi pakuning bumi bisa rata ku cai nu murka.

Kadua, cai salawasna bakal ngocor ngeusian walungan atawa wahangan nu saat. Ieu oge ngandung pieunteungan yen urang kudu bisa jadi insan-insan nu murah diri pikeun salawasna nulungan ka nu butuh, nalangan ka nu keur susah. Mun boga elmu amalkeun pikeun minterkeun nu bodo. Mun boga harta kudu berehan ka jalma-jalma nu katalangsara. Intina kudu bisa silih simbeuhan ku kaasih, kanyaah jeung kaheman ka sasama. Ieu hal teh jadi bukti yen diri teh keur silih eusian kakosongan dina kahirupan. Kudu manjing kana pitutur dawuh Insan Mulia, Khoerunnaas Anfa'uhum Linnaas.
Katilu, Cai bakal salawasna ngocor ka muara. Ieu oge ngandung pieunteungeun keur kahirupan. Hirup kudu siga cai nu istiqomah ka nu dituju, najan lalampahanana loba halangan harungan. Lila tur panjang lalampahanana tapi kalayan pinuh ku kadariaan jeung kasabaran akhirna nepi ka muara nu ditujuna. Sanajan dina lalampahanana tepung jeung batu nu ngahalangan, kudu mengkol heula ka walungan, wahangan, susukan, solokan jeung tempat-tempat sejena. Aya kalana sataun, aya kalana saminggu, aya kalana sapoe lalampahanana, tetep manehna teu poho kanu jadi tujuan nyatana muara. Tegesna, manusa kudu boga tujuan dina kahirupan, kudu boga visi jeung misi nu jelas, kudu boga udagan hirup. Bari kabehanana kudu sabar bari daria dina ngajalankeun prosesna, sabab dina ngisi kahirupan nuju ka tujuan akhir, nu wajib mah prosesna sedengkeun hasil eta mah bonus ti Nu MahaKawasa.
Caaag.

10/06/2018

************* SAHADAT WIWIT ( 1 ) **************

Kacatur Hung Maha Buhun Kagundem Samemeh Purwa Kacarios Gurat Waktos Nu Maha Numprakeun Geugeut Sono Ngogo Mikaasih Ka Bibit Buitna Jalmi

Di Mandala Tengtrem Ayem Ti Saripati Cahaya Ngaligar Para Roh Jalma Wujud Hing Asmaning GUSTI Tinggeleber Rasa Bungah Atmaning Jati Manusa

Cahaya-NA Gumawangan Caang Wening Patanjala Jagat Darana Ngariksa Ngarungrung Seda Niskala Ngagebray Jagat Daranan Mandala Hurip Maruka

Roh Tacan Dikaway Raga Rengkakna Maha Mardika Wujud Cahya Nu Gumilang Reugreug Hurip Tingtrim Rasa Nikmat Tengtrem Teu Ngawilang Estu Sajatining Bagja

Lir Orok Nu Diayun Ambing Dipirig Ku Wirahma Suci Disimbutan Seungit GUSTI Buwana Luhur Ngarawih Ngidungkeun Silih Wawangi Niskalana Siliwangi

Ngarampih Lir Anu Tibra Padahal Menekung Galih Teuleum Di Sipatahunan Rusiahna Rahmat GUSTI Salaras Jatining Napas Sifat ALLAH Maha Wening

Geder Wahyu Sakalimat Janten Nami Balarea Para Roh Gararugah Renung Nyaruuh Waas Neuteup Alum Hing Wisesa Ka Hyang Batara Seda

Cing Saha Ieu KAULA Tingal Ku Panempo Batin Teuteupan Ku Mata Holang Aranjeun Geugeutna KULA Haridep Kakasih KULA Titisan Bagjana KULA

Duh ANJEUN Maha Ngayuga Ciptaning Rasa Sajati Cipta Gelar Kamulyaan Sembaheun Kami Nun GUSTI ANJEUN Sagala Galana SALIRA Pang Utamina

Nyakseni Kami Nyakseni Helaran Sahadat Wiwit Puja Punjung Mung Ka ANJEUN Maha Hirup Maha Hurip Deuk Sumamprak Taya Sesa Puseurna Sadrah Pangbakti

Duh Janji Kam Deuk Muhit Mo Jidra Moal Sulaya Janji Takwa Amal Bakti Nyanggakeun Ibadah Yaksa Disimpen Di Ubun Ubun Mahpal Sadurung Winarah

Can Wanci Deukeut KAULA Anjeun Handap KULA Luhur Hijrah Heula Ka Sawarga Diacukan Kaway Raga Anugrah Nikmat Ngalayah Sing Puas Taya Sudana

Duh GUSTI Kakasih Abdi Deuk Mundut Alim Disapih Hoyong Caket Hing SALIRA Sanaos Di Sorga Mewah Tangtosna Moal Nengtremkeun Kasiksa Sono Ka ANJEUN

Dipaksa Ku Nu Kawasa Dialihkeun Ka Nirwana Mangkat Ti Kahyangan Lir Manuk Haliber Ceurik Ngalabring Luhureun Waktu Ngabanday

09/06/2018
Mangga
08/06/2018

Mangga

16/03/2018

Pamuruan pamoroan lumasung dina eta alam

Kiwari rame manusa riributan papasean dina nyumponan kahirupan ku sabab hirup.. pirang pirang kabutuhan nu kudu ditarekahan kitu jalaran hirup nu jadi sabab, pirang pirang kacodekahan. lumungsur di ieu alam,

Alam kapoekan alam kahihieuman, kutarekah nu ngahihileudan kitu jalaran hirup sok jadi kariributan, mangsa kiwari mangsa nu lami lumnagsungna eta kahirupan tetap teu aya perubahan. tahun ka tahun lumangsungna eta Manusa di ieu alam kaributan ges jadi wacan di ieu alam. tapi nyata dina bathinna teu menerkeun eta papasean.

Tenrem jadi impianna, aman jadi pamilihna tapi nyata pamilihan jauh dina wujudna. sili gorengkeun saling huajat dina aeb lakuna. mana aya kabuktian impian wujud dina kanyataan hirupna.

laku nu teu mangpaat laku nudilaknat geular di ieu alam, rek kamana nya mileumpang, rek kamana nyalindungkeun diri, rak kaman eta diri. dimana laku jauh tina diri. kumha abdi.. kamana nya diri diri abdi, nu saestuna..

15/03/2018

Nyiliwuri dina alam titah titah kasucian

sabanda sariksa ari bener ngariksa. nyata bener aya, lain aya teu boga rasa ieu nyata teu boga waluya.

ari nyata aya rasa, mana waluya miboga..? nyata waluya eweuh rasa, eweuh mibanda eta raga mana aya rasa..? mibanda teu jadi kaboga.

puguh hirup nyata aya, mibanda eta rasa kitu jalaran aya dina raga, karasa dina karya anu nyata lain pepeta henteu mola tapi meta aya nu karasa. nyata hirup eta didunya.

jiga enya pepeta, nyata eweuh nu karasa kitu nyata eta pola eweuh nudipibanda nyata saukur karya Ria.

kiwari alamna rame, karya ria karya nyata pakepuk di ieu dunya. kitu nyata ayana, eweuh benerna.

ari leumpang jalan caang poek ngalingkungan alam dina raga jiga nu ennya. pabeja geus jadi carita carita eweuh benerna

kiwari nyata pangbeja geus jadi walatra walatra dina sutra, sutra nu jadi karya karya nyata karya sutra. dikiwari saukur karya ria tapi sutra geus jadi kaboga.

rame rame nyieun partai, rahayat cukang lantaran nyieun kahadean. tapi nyata nu hade kur nu ngabakalan partai jadi kakutan ngieun tatapakan, pikeun ngunggulkeun kahirupan.

kamadorotan kamaksiatan rupa tarekah ngalingkungan alam kabohongan kalacutan geus teu katinggal kaaeban, undang undang panyumputan, tarekah kalacutan.

kitu nyata ieu alam gelar kapoekan, nyata katumpakkan nu nyiiwuri dina undang undang, titah kasucian ma.lum kitu nyatana, kabohongan teu tinggal di ieu alam mung sasalimbutan, nu matak nganyerikeun, nu ngarasanan

15/03/2018

Iman jeung Amal Soleh

Lain Iman tanpa kahadean lain percaya tanpa kalakuan mana hukum kanabian katalitian laku di ieu alam... kitu nyata pangakuan Iman sabatas ucapan tanpa aya fakta hukum nu ka unggeul mungguh Al,quran peta kitu nyata nu disebut kamunapekkan..

Iman nyata kahadean laku katalitian adab adaban hirup di ieu alam ucapan kaluar tina lakuna perjalanan nu jadi hirupna mungguh pileumpanganna jadi carita eta hirupna ku taliti ku di awasi.persaksian hirup dina nyatana fakta eta nu jadi ucapan dirina...

lain ucap tanpa ciri..lain ucap tanpa bukti tapi ucap nu jadi ciri.. jadi bukti perjalanan diri carita di eta negri,.. teu pahili jeung ingakar janji janjina kanu maha suci..ieu jadi konci manusa nu pasutri kanu maha suci kitu bukti ciri wanci nu meangakeun harkat tinu janten gusti

kitu nyata hirup kasaksi ka awasi..teu lanca lici cicing nya eta diri dina makom anu suci mungguh gusti lain ucap tanpa fakta..tanpa kalakuan kitu hirup lancad lincid mungguh pangeran teu aya kejeulasan hirup tanpa pamadegan hirup angin anginan nu kitu di sebut kamunapekkan...

Address

Jalan Lewi Muncang, No 86, Pasir Kumuli, Baros
Cimahi
40521

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Sunda Wiwaha posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Share